Selasa, 15 Maret 2011

SAJAK KURING KEUR ANJEUN


.
Peuting nu keur sepi jempling
Handapeun mancurna bulan purnama
Tiup angin reureuh heula
Pangnepikeun harewos hate
Pikeun anjeun nu keur hade hate
Bentang kiceup anjeun nu asri
Lir dewa kahiangan nu ngajak seuri
Pikeun kuring nu keur sorangan
Mega … poma anjeun ulah nyieun gara2
Geura nyingray paburincay
Sanggeus bulan hibar na hate
Panutan ………….
Iraha anjeun nembongan ?
Gupay patineung jeung panghareupan
Iraha anjeun rek neang ?
Iraha anjeun rek datang
Mareungan kuring nu kaleungitan…


Tidak ada komentar: